Cimata Cinta Lirik
Cimata Cinta Lirik - Rika Rafika
Mega hideung nu alum semu nu nguyung
Langit angkeub hideung taya bengras deui
Duh Gusti kanyeri teu euih-euih
Cipanon kacinta maseuhan teu kendat raat
Pasusubuh ngaririncik hujan leutik
Lir marengan ceurik ati nu keur gering
Duh engkang kanyeri teu euih-euih
Cipanon kacinta maseuhan teu kendat raat
Na iraha langit caang
Na iraha anjeun datang
Na iraha langit caang
Na iraha bagja datang
Rasa kaasih teu euih-euih
Rasa kasono taya pohona
Rasa kamelang teu ilang-ilang
Rasa kacinta ngamuara jero dada
Mega hideung nu alum semu nu nguyung
Langit angkeub hideung taya bengras deui
Duh Gusti kanyeri teu euih-euih
Cipanon kacinta maseuhan teu kendat raat
Na iraha langit caang
Na iraha anjeun datang
Na iraha langit caang
Na iraha bagja datang
Rasa kaasih teu euih-euih
Rasa kasono taya pohona
Rasa kamelang teu ilang-ilang
Rasa kacinta ngamuara jero dada
Na iraha langit caang
Na iraha anjeun datang
Na iraha langit caang
Na iraha bagja datang